Balebat Ngolebat

Nyalenggor

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

KURING mah matak taak mikiran kahayang balarea nu kasawang dina laku lampah media massa jeung mahasiswa. Teuing kuring nu bodo teu bisa neuleuman hate balarea. Geura we upama aya ka teu panuju, hayoh demo ka istana, demo di kampus, demo dimamana. Atuh media ngarojong kana ketagna mahasiswa jeung rahayat nu nyorakeun ka teu panuju. Kapanan waktu aya ka teu panuju kana unggahna harega BBM, tuluy demo siga aing nu pangbenerna.

Nya memang geus sakuduna kitu, kapanan lamun mahasiswana cicingeun bati cacingeun mah lan taya kagadag, rek kumaha jadina ieu nagri. Tapi naha ketagna mahasiswa jeung rahayat dumadakan melempem kawas kapas kacaian?

Singhoreng media, rahayat jeung mahasiswa gampang pisan disalenggorkeun tina pasualan utama nu keur papada disanghareupan. Isu BBM nu handaruan nepi ka janapriya, dumadakan pareum alatan aya isu nu leuwih panas, isu nu leuwih seksi ceuk barudak kiwari mah, nyaeta isu FPI. Ari FPI teh nyaeta Front Pembela Islam, hiji kumpulan balarea nu ngadeg taun 1998, waktu pamarentah mere lolongkrang balarea pikeun ngadegkeun laskar partikelir. Malum, da pamarentah nu diwakilan ku soldadu siga nu ripuh teu wasa mareuman prahara “Mei 1998″.

Tah basa mipelingan lahirna Pancasila 1 Juni 2008 nu anyar kaliwat, cenah mah FPI nyerang kumpulan balarea nu di antarana panuju kana Ahmadiyah. Ari FPI keukeuh meredih Ahmadiyah dipaksa bubar da cenah geus ngaku-ngaku Islam. Ah, kuring mah mo rek ngabahas pasualan naha Ahmadiyah Islam atau lain Islam, naha ketag FPI teh bener atawa salah. Lain. Kuring mah sakadar ngageuing, naha isu pamadegan gampang pisan nyalenggor, nyalenggor tina isu BBM jadi isu FPI, isu Munaman jeung sajabana. Ari isu BBM na kamana? Padahal undakna harega BBM lin nu matak susahna balarea teh?

Tinangtu nu matak bungah ati mah pamarentah, Presiden SBY jeung wakilna, oge jeung para pakacarna. Atuda rahayat anu sakitu ambek jeung keuheulna kana kaputusan pamerntah ngundakkeun harega BBM, hayoh dumadakan sirna lir bensin kapanasan. Pak SBY jeung Puang Kalla lain wicara BBM ka balarea, tapi wicara FPI. Juruwarta mun panggih jeung para pakacar presiden lain nanya sual BBM, tapi sual FPI. Kaum cendekia pon kitu deui. Kabeh wicara sual FPI, FPI, jeung FPI. Kabeh FPI….

Kuring salaku juruwarta sok ngageuing ka sobat sorangan nu kabeneran keur nyekel jabatan, kade ulah mopohokeun isu BBM, ulah mopohokeun kasusah rahayat. Enya, naon punjulna atuh kuring, ngan sakadar juruwarta biasa, sementara ari kahayang balarea mah kapanan isu nu pangpanas-panasnya, isu nu matak narik ati. Nya taya lian ti isu FPI. Antukna kuring ngan ngaheruk wae. Haharegaan sagala undak. Meuli bensin saliterna kudu Rp 9.800 da teu meunang meuli premium. Sagala susah. Kakara kuring manggihan jeung ngalaman mangsa-mangsa susah nu lain dikieuna, ti mimiti antri BBM, antri gas, antri beas, jeung antri-antri sejenna.

Boa pamerentah mah di istana keur papada pesta salusurakan da ngarasa meunang perang, balakecrakan bari mongtolol-tololkeun ka rahayatna sorangan, bongan gampang disalenggorkeun. Duh….

Tag:

10 Balesan pikeun "Nyalenggor"

Nyaeta atuh kang .. kedah kumaha ieu teh .. ? kadieunakeun teh asa makin ripuh ..

Urang bobodaran we atuh… kapanan urang sunda mah kasohor ahli ngabojeg.

Alhamdulillah, parantos… masih keneh dipasihan rezeki. Sawangsulna?

Nya jang jaman ayeuna mah pan jaman gelo, mun urang nu bener jadi ti balik cenah urang nu gelo. Akibat cepot jadi raja teh kieu, kurawana teu beda jeung gegedugna.

aya naon nya ieu teh meni rame pisan, kang Pepih…

Beuki lieur we jaman teh, eta we kang kutu laku teh cocok sareng bahasa Al-Islamu Mahjuubun Bil Muslimin (Islam Ruksak/Terhijab Oleh Orang Muslim Sendiri). kitu panginten

Akhsan…. sae pisan basa Arabna, Kang… cobi kungsurkeun eta elmu teh. Dim kuring mah dugi ka kiwari buta huruf arab.

Numawi kang simkuring mah sok geregeten ari ningal anu Anarkis bari mawa-mawa ngaran Islam teh, eta budaya anarkis teh budaya Jahiliyah, dimana Peperangan suku Bani Umayyah-Qurais jeng Bani2 anu galedena deui.

Narkis=Memaksakan kehendak Golongan/Kelompok/suku kucara kekerasan fisik.

Da urang sunda mah tara kitu, Uran Sunda mah gede ku ajen-tinajenna, heueheuh :)

Narkis=Anarkis

Tinggalkeun Balesan