Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
CENAH mah nincak umur opat nepi ka dalapan taun teh kasebutna “mangsa-mangsa emas”, keur meumeujeuhna seukeut naker ieu utek pikeun dipake ngapalkeun. Lir kamera pideo, naon nu diapalkeun jeung dibayangkeun, plek napel sapuratina dina wangun kertas poto atawa gambar pideo. Hiji hal nu ku kuring karandapan, hiji mangsa nu ku kuring moal kapopohokeun, yen kuring oge kungsi [...]
Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
DUPI salira sapamadegan kitu sareng kuring dina mayunan ieu kahirupan? Kieu maksud teh, sakapeung sok ngimpleng sorangan mun keur manggih kabagjaan jeung kulawarga, boh jeung pun anak atawa bojo. Kalan-kalan siliocon, silieleketek, malah siliperang bantal sagala di enggon. Kawas taya kasusah. Sakapeung mun keur balakecrakan dahar, boh di imah atawa di restoran, sok ret ka [...]
Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
SAENYANA kuring mah teu resep ka sabangsaning ucing. Bisa disebut geuleuh we. Komo ka beh dieukeun mah sanggeus kuring ngarti yen dina diri ucing sagemblengna, ti hulu nepi ka kuku, cenah mah ngandung mangrewu-rewu panyakit. Nyaan basa boga batur sakantor nu gabug, geus meh sakitu taun tacan boga anak, cenah mah basa dipariksa dokter aya [...]
Pairan Panganyarna