Balebat Ngolebat

Milu Ngiridit

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

sepeda.jpgWAKTU lebaran nu anyar kaliwat, kuring sakulawarga reujeung dulur-dulur, silaturahmi ka Ua Yoyoh di Cipacing. Aya meureun dalapan kiloan anggangna ti imah kolot kuring di Tanjakan Cangkudu, Ciawi Tasikmalaya. Ari Ua Odin, carogena Ua Yoyoh, geus meh lima taunna teu awas alatan katarak. Tah, harita kuring tepung jeung Kang Apid, putra pun ua tea.

“Kang Apid mah asa angger wae, awet ngora,” cekeng teh. Walonna, “Enya ari kaayaan mah siga nu ngora, tapi dompet payah, kapanan buntut Akang mah aya lima,” kitu cenah.

“Ih kudu sujud syukur atuh, Kang, eta rejeki salima-lima,” ceuk kuring. “Balikanan kuring ngan boga hiji-hijina, si Kakang.”

Sanajan kuring rada loma kasebutna, tapi hubungan kuring jeung Kang Apid kaitung raket. Beda jeung paman-paman kuring ti pihak pun bapak. Komo jeung Kang Apid mah kuring pernah ngalaman hirup mo kapopohokeun, nyaeta basa kuring diajak ngiridit ku inyana.

Harita taun 1975, kuring keur kelas opat SD harita teh. Ari Kang Apid geus ngumbara ka Jakarta dan pakasabanana kana ngiridit. Ari kuring ka Jakarta sok pareng dina catur wulan. Pere dua minggu teh sok dimangpaatkeun pikeun liburan ka pun Emak, nini ti pihak  pun biang, nu duanana tos almarhumah. Pareng ka Jakarta, kuring sok ngahaja menta dipangjajapkeun ka Gang TSS, Kampung Duri, di Jakarta Barat, tempat Kang Apid jeung paman-paman ngontrak.

Miang jeung Kang Apid teh sanggeus solat subuh, digubrag-gabreg. Kalacat kana sapedah. Kuring dibonceng ku Kang Apid. Dina sapedah rambeuy ku dagangan. Kang Apid meuli barang ti tauke, tulus dikiriditkeun nepi ka nikel aya tilu nepi ka lima kali. Teu kuring mah teiu gengsi, harita mah resep we dibawa ngiridit nepi ka Pasar Ikan di Jakarta Utara. Kira-kira jam dalapan, kuring diajak sarapan ku Kang Apid. Inget keneh jeung lauk laut lada pisan. Malah nginumna oge kopi susu. Ni’mat pisan.

Pabeubeurang, kuring nepi ka Pluit nu harita mah keur diwangun. Aya tukang ci tiwu, kuring dipangmeulikeun deui, nepi ka datang ka imah di Gang TSS teh bada Maghrib. Jang kuring mah diajak ngiridit ku Kang Apid teh hiji pangalaman nu luar biasa, no mo kapopohokeun.

Ka beh dieukeun, aya meureun taun 1987-an, Kang Apid  balik ka lembur. Cenah mah ngiridit teu kaharti, mending nyawah di lembur. Oge di tipu ku jalma saliwatan nu mesen barang loba pisan, tapi isukanana pareng ditagih teh geus pindah. Harianeun.

Ayeuna Kang Apid geus di lembur. Pareng basa kuring pamitan, Kang Apid ngaharewos, “Amang mah resep batminton, cing pangmseserkeun reket nu rada hade ti Jakarta.”

Insya Allah, Kang, pamundut Akang ditedunan! 

3 Balesan pikeun "Milu Ngiridit"

ah abimah resep BMW, bakal kalaksana moalnya hehe

As, Pa Pepih teh di Tanjakan Cangkuduna palih mana Pa Kuwu Hormat ? Hatur nuhun
Wassalam

Abi pesen motor atuh. Muga muga ditedunan ku si akang :)

Tinggalkeun Balesan

Blog Stats

  • 3,562 hits

Top Posts

  • Tanpa

Top Clicks

  • Tanpa

Pairan Panganyarna

badar dina Koreh Koreh Cok
Pepih Nugraha dina Blog Sunda
Awang Ruswandi dina Blog Sunda
Yayat Supriatna N dina Blog Sunda
irfan dina Untuk Ciawi dan Sekitarny…