Balebat Ngolebat

Nu Mulung

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

pemulung.jpgBANDUNG heurin ku tangtung, geus komo ari Jakarta mah. Lain ukur heurin ku tangtung, tapi heurin ku sagala rupa. Boh gedong sigrong nu lir noelan langit, paimahan nu satungtung deuleu, hotel jeung kondominieum nu paalus-alus, jeung sajabana. Unggal poe macet dimana-mana. Turangga anyar nambahan mangyuta-yuta unggal taunna, turangga lawas ngajaredog keneh narah ingkah, ari panjang jeung rubakna jalan angger we ti taun ka taun teu ieuh nambahan. 

Dalah profesor turun ti langit ka dalapan oge (mun aya kitu oge) moal aya nu bisa memener Jakarta, geus komo ari gubernur Fauzi Bowo mah. Pastina oge inyana teh keur pusing nu nataku alatan kudu mulangkeun deui modal nu kapake basa kampanye pikeun milih gunernur anyar. Rek kumaha pilampaheun tah?

Jakarta mah rubakna teh aya meureun sakota Bandung mah, rada rubak meueusan. Geus meh 18 taun kuring ngumbara di ieu kota. Nyaan teu betah. Betah keneh di lembur di Ciawi Tasikmalaya, anu anggangna 300 kilometer ka beulah wetankeun. Tapi dalah kudu dikumaha da geuning pakacapangan kuring salaku wartawan koran Kompas kudu maneuh di ieu kota. Lain pedah kuring sarwa kakurangan. Ari rejeki mah da tara dibongan-bongan atawa di nanaha. Sok sanajan saeutik oge, sanajan koreh-koreh cok ceuk kolot tea mah, tetep we ditarima bari jeung ngedal jajakallah khoeron katsiron.  Nuhun, Gusti!

Ras ka sasama anu tacan tepung jeung kasugihan tur kamakmuran di Jakarta, teu saeutik nu tikudawes kahirupan, lolongseran jeung kokosehan dina leutak kamalaratan. Lain pedah kuring ngarasa jadi jalma aya, paralun. Ieu mah ngan sakadar cecekelan hirup kuring nu tara salawasna tanggah ka luhur. Geura we, pareng rek indit gawe, sok pirajeunan nalingakeun di luar rabengna nu mulung, nu jumlahna bet asa ngareaan ti waktu ka waktu.

Di unggal pengkolan rajeg nonoman nu disebut “polisi cepe” tea, jalma nu purah meuntaskan mobil ka jalan utama. Baheula mah disebutna teh polisi cepe alias polisi nu cukup diupah saratus perak wae. Kadieunakeun mah geus arang duit receh saratus perakan. Dina ayana oge dua ratus (nope) atawa lima ratus (gope). Nya kuring teu bisa ngananaha, geus komo ari mupuas mah, kapanan maranehanana teh dulur kuring oge, sabangsa tur salemahcai.

Naon pangna polisi cepe jeung nu mulung beuki euyeub? Kuring kungsi nyaliksik pikeun piwaloneunana. Hiji mangsa, kajurung ku tugas pikeun neuleuman kahirupan jeung para pamulung barang-barang uurutan atawa rongsokan, kuring nganjang ka hiji paimahan walurat nu nempel na benteng Bintaro Jaya, Jakarta. Beu, boa urang Bintaro mah taya nu nyaho aya naon di satukangeun benteng beton imahna. Di dieu aya kahirupan, kahirupan para pamulung.

“Ari janten tukang pulang pulung mah teu kedah gaduh kaparigelan nanaon, teu kedah gaduh modal, modal ingkig jeung kahayang bae,” kitu cenah walon salah saurang pamulung, nu wastana ku kuring dirusiahkeun, basa kukuring ditakon naon pangna jadi tukang pupulung. Inyana urang Indramayu, dulur urang keneh.

Enya ari kitu tea mah. Jung miang ka Jakarta bari teu mibanda kaparigelan, geus tangtu salah-salah mah jadi tukang pupulung atawa polise cepe. Singhoreng pamulung oge boga kahirupan, boga dunya sewang-sewang. Sarua marahenana oge boga kulawarga, boga anak sakolakeuneun, jeung nu penting mah boga raga parabaneun. Cenah mah ari indit gawe teh sok ti jam tilu peuting, kalan-kalan jam hiji peuting oge geus miang mamawa kantong plastik orea jeung ganco paragi nyukcruk bubututan. “Bisi kaburu dikorehan ku anjing atawa ucing,”kitu alesanana taya nu disumputsalindungkeun.

Baheula mah, kitu cenah ceuk manehan, warga nu araya nu dumuk di paimahan mewah teh masih keneh ridoeun wadah atawa kotak runtahna dikorehan ku nu pupulung. Ka beh dieukeun sanggeus usum maling turta nu pupulung keuna geutahna, unggal kotak runtah hareupeun imah sok digembok tur disosi pageuh pisan. “Alesanana no boga imah mah cenah bisi dikorehan  ku sato. Lain  ku sato meureun, ku kuring jeung ku tukang pulung lianna,” kitu cenah.

Deudeuh teuing, kuring ngarakacak. Nulungan ku banda teu bisa. Tapi nya nulungan ku cara kuring sorangan, nyaeta nulis carita kahirupanana di koran Kompas, susuganan bisa jadi panggeuing. Susuganan we jalma nu geus panggih jeung kahirupan mah ulah owel ku wadah runtah sagala.

Keun bae di koreh-koreh anjing atawa ucing mah, da geuning aya deui nu kokoreh batan sato, nyaeta sabangsa urang oge, jalma nu pupulung tea. Keur nu jaregud mah runtah teh runtah wae, barang nu taya haregana. Tapi keur dulur-dulur urang mah, nu pupulung, runtah teh bisa numbu umur pikeun neruskeun kahirupan.

Ieuh jalma aya, hayu urang papada ngaragap rasa sasama. Pilakadar runtah. (Pepih Nugraha)

1 Pairan pikeun "Nu Mulung"

heu jang anak incuna enjing bakal kaparaban moal, rizkina teh tina sampah/ paripaosnamah urut urang…duh gusti

Tinggalkeun Balesan

Blog Stats

  • 3,564 hits

Top Posts

Top Clicks

  • Tanpa

Pairan Panganyarna

badar dina Koreh Koreh Cok
Pepih Nugraha dina Blog Sunda
Awang Ruswandi dina Blog Sunda
Yayat Supriatna N dina Blog Sunda
irfan dina Untuk Ciawi dan Sekitarny…