Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
TUTURUT munding. Kitu cenah. Ieu babasan teh mindeng dikedalkan, tapi ngandung harti nu goreng ti waktu ka waktu. Inget we baheula guru sok mapagahan ka sawatara muridna, “Ulah sok tuturut munding wae atuh, cik sing boga karep saeutik mah!” Aeh, kapanan tuturut munding teh kaasup karep oge, lin? Boga karep mah alus batan cameubleu taya kahayang. Tapi naha tuturut munding boga pangarti nu negatip?
Deudeuh teuing karunya ka munding. Nanasiban teh goreng salawasna, teu dina takdirna nu salawasna kudu sumerah rek dikumahakeun wae ku manusa, boh dina basana. Sarua dina basa Indonesia oge aya paribasa “bagai kerbau dicocok hidung”. Ari nu disebut kerbau teh nya munding tea. Silaing tea. Tuh kapanan munding deui munding deui, silaing deui silaing deui. Na naon atuh ari dosa silaing, wahai Munding?
Silaing mah tangtu teu boga dosa. Nu boga dosa mah nya manusa nu sok ngarogahala tanaga silaing. Geura we, pama nu tani pareng keur ngawuluku, geus pinasti silaing deui nu katempuhan teh. “Kiya mider, kiya miderrr…” kitu ceuk nu ngawuluku ngupahan silaing. Dasar silaing, nya nurut we da meureun ti dituna oge silang mah diayakeun ku Pangeran teh pikeun ngabdi ka bangsa manusa. Pareng panon silaing geus lamur karana umur, tanaga geus sirna, atawa nu miboga silaing aya pangabutuh karana taya pisan pikeun banda tatalang raga, kapanan silaing oge nu ditungtun ka pajagalan teh. Dasar silaing, daek we, Munding!
Kuring, kuring sorangan yeuh, Munding, teu dek ngabibisani kana jasa silaing. Keur kuring mah babasan “tuturut munding” teh alus wae, gumantung kana naon anu rek diturutna. Tuturut munding kana kagorengan, nya hasilna oge tangtu bakal goreng. Atuh samulihna, mun kuring tuturut munding kana kahadean, tangtu hasilna oge hade. Keun bae disebut teu kreatip oge dina soal kahadean mah. Piraku wae mun batur zakat, miara anak yatim, atawa ngadegkeun solat kuring teu meunang tuturut munding? Meunang, lin?
Munding, anjeun tong leutik hate. Sanajan kuring remen keneh dahar daging silaing, sanajan tonggong silaing ku kuring sok ditumpakan basa milu ngawuluku dina waktu nu geus kasorang, kuring mah taya maksud ngaleuleutik jasa silaing, geus komo nyirnakeun mah. Kuring mah tetep we ngaharegaan silaing, Munding, sok sanajan ngan sakadar ngaharegaan kana babasan nu nginjeum diri silaing. Kuring teu kudu era tuturut munding, tuturut silaing. Dina kahadean tangtu!
duh munding
ulah gering
sabab kulantaran silaing
bisa tuturut eta kuring
salam wanoh sobat
16-06-2008 pukul 13:17:59
hihi…duh munding2