Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
AYA heureuy kieu: cenah mah pangmubadir-mubadirna pagawean di dunya iwal ti neangan nu hitut. Asa taya pagawean nu lewih mangpaat nya anggursi neangan nu hitut. Bener, naon geura pimangpaateunana?
Poe Minggu 4 Nopember nu anyar kaliwat, kuring ngabandungan ustad nu ceramah dina tauziyah jajaluk du’a pikeun miangna Pak Sutarman sareng istri ka Tanah Suci, acara lumangsung di Tanjungsari, Sumedang. Ari wastana eta ustad nyaeta Tengku Maulana, cenah mah asal Aceh.
Lamun seug enya ti Aceh, kacida kuring kataji ku lancarna inyana ngalarapkeun basa Sunda. Merenah pisan. Atuh ceramah wanci pecad sawed teh teu ieuh ngondang pitunduheun, malah cenghar, alager-ageran kunu sareuri da puguh ustadna ngabojeg wae.
Balik deui kana soal neangan nu hitut tadi. Cenah mah panghese-hesena neangan nu hitut teh taya lain di tatar Sunda alias di Jawa Barat. “Cing naon sababna?” ceuk ustad satengah tatanya ka hadirin. Atuh tarang hadirin teh ngadak-ngadak carengkat, kaasup kuring, ngarasa da kuring urang Sunda pituin. Sawareh patingrareret kawas nu menta pitulung naon pijawabeunana.
“Hoyong terang waleranana?” kitu ceuk ustad sanggeus taya nu wani ngawalon. Nya hadirin rempak, “Hoyoooong….”
“Naon pangna hese neangan nu hitut di Jawa Barat?” pokna deui nu langsung diwalon ku ustad sorangan, “Sabab di Jawa Barat mah nu hitutna oge sok milu neangan!”
Gerrr… atuh hadirin alager-ageran. Lumayan ah kanggo landong monyong. Tibatan dikeukeupan jurig tunduh, mending ngilu seuri hahahaha…..
Cara Kenek Neangan Saha Nu Hitut:
Dina angkot nu pinuh ku penumpang jol meledek weh bau hitut. Biasa, sarerea milu neangan saha yeuh nu hitut (kaasup si anu hitutna oge). Ari pek teh kenekna teu beakeun akal.
“Eta nu hitut can mayar nya?”, ceuk kenek teh… Ari pek aya nu ambek, “Edas, da kuring mah geus mayar…” — kanyahoan weh saha nu hitut teh. Hahaha… lumayan nambihan bobodoran kanggo Pa Ustad Aceh yeuh.
16-06-2008 pukul 13:17:59
hihi…….ah etamah kang pepih w, da mun simkuring mah hitut teh api2 teu ngambeu
)
*kabuuuuuuuuuur