Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
BARAYA Liezmaya sareng Vanudin, duanana sami-sami gaduh blog nu kacida saraena, masihan respons kana postingan Serat Salira (2) nu tos kalangkung. Kieu geura komentarna:
Komentar kanggo “Serat Salira (2)”
hihi,,,simkuring langsung lumpat ka TKP ah eh punteun kang abdi nyungkeun widi masang panumbuna
Nuhun pisan ah…
Aeh aeh, geuning salira deui nu kersa rurumpaheun… mangga pami bade masang panumbuna mah. Mung hanjakal sim kuring teu acan tiasa masang panumbu blog salira, ma’lum nga-wordpress teh teu acan lami. Ari biasana mah kumalayang di jomantara blogspot, nyaeta di http://pepihnugraha.com. Mangga dihaturanan linggih…
Duh saleresnamah masih keneh isin pisan kang kanu eusi blogna teh. Da seueurnamah masih kopi pasteu tina blog nusanes. Masih keneh kelas kacangan……
Teu kedah humandeuar atanapi minder atuh, Kang, urang sami-sami diajar deui nyerat atanapi nyarios Sunda. Ma’lum tos lami teu dianggo. Susuganan ku ayana nyerat dina blog tiasa parigel deui cumarios dina basa buhun urang sarerea. Mangga diantos deui ku sim kuring postinganana nu enggal dina patromax.
biasa lah…jalmi nu luhurmah sok ngahandapkeun maneh…padahal elmu nateh sok leuwih hehe
Pairan Panganyarna