Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
WAKTU lebaran nu anyar kaliwat, kuring sakulawarga reujeung dulur-dulur, silaturahmi ka Ua Yoyoh di Cipacing. Aya meureun dalapan kiloan anggangna ti imah kolot kuring di Tanjakan Cangkudu, Ciawi Tasikmalaya. Ari Ua Odin, carogena Ua Yoyoh, geus meh lima taunna teu awas alatan katarak. Tah, harita kuring tepung jeung Kang Apid, putra pun ua tea.
Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
BANDUNG heurin ku tangtung, geus komo ari Jakarta mah. Lain ukur heurin ku tangtung, tapi heurin ku sagala rupa. Boh gedong sigrong nu lir noelan langit, paimahan nu satungtung deuleu, hotel jeung kondominieum nu paalus-alus, jeung sajabana. Unggal poe macet dimana-mana. Turangga anyar nambahan mangyuta-yuta unggal taunna, turangga lawas ngajaredog keneh narah ingkah, ari panjang jeung [...]
Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
NEANGAN NU HITUT
AYA heureuy kieu: cenah mah pangmubadir-mubadirna pagawean di dunya iwal ti neangan nu hitut. Asa taya pagawean nu lewih mangpaat nya anggursi neangan nu hitut. Bener, naon geura pimangpaateunana?
Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
TUTURUT munding. Kitu cenah. Ieu babasan teh mindeng dikedalkan, tapi ngandung harti nu goreng ti waktu ka waktu. Inget we baheula guru sok mapagahan ka sawatara muridna, “Ulah sok tuturut munding wae atuh, cik sing boga karep saeutik mah!” Aeh, kapanan tuturut munding teh kaasup karep oge, lin? Boga karep mah alus batan cameubleu taya [...]
Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
BARAYA Liezmaya sareng Vanudin, duanana sami-sami gaduh blog nu kacida saraena, masihan respons kana postingan Serat Salira (2) nu tos kalangkung. Kieu geura komentarna:
Pairan Panganyarna