Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
KALEKED, mumul, ngedul, jeung beurat birit, ieu teh mangrupa panyakit “jiwa” nu bisa tumerap ka saha wae, kaasup kuring. Disebut panyakit “jiwa”, lain pedah matak bisa ngajadikeun jalma gelo atawa kurang saeundan kaditunakeun. Tapi ieu kasakit nu hese san obatna teh kudu ditarekahan piubareunana. Ngingu ieu kasakit diri, tinangtu bakal hirup sangsara jaga. Cik titenan, kapanan geus rea pisan contona dina kahirupan sapopoe.
Pirajeunan maca carita pondok lawas kenging para bujangga Sunda, bet pepel ku conto kahirupan sapopoe. Sipat mumul jeung kedul, geus remen dijadikeun tema tulisan. Tapi da angger taya bosenna munasabah pagilinggisik jeung kahirupan urang sarerea. Hiji lalaki, upamana, keleked miang digawe. Isuk-isuk kalah ka morongkol na enggon tibatan meresihan doran cara nu lian.
“Cik Kang geura ingkah ti imah nyiar kipayah, itu si Ujang perlu biaya sakola. Si Nyai pon kitu deui. Ari urang rek dahar naon pabeubeurang? Kapanan boboko sakitu ngoletrakna teu remeh-remeh acan,” kitu panggeuing tinu jadi pamajikanana. Batan jung miang muru sawah, anggur kalahka nyenggekeun bujur. Dut hitut tarik naker minangka pangjawabna. Nurustunjung!
“Ah teu purun, Nyi, rejeki mah engke ge datang sorangan. Pikeun dahar beurang mah anggursi nginjeum ka tatangga saheulaanan, keun engke digantian. Tong ganggu, Akang rek nyare deui!” kitu pangwalonna. Euleuh euleuh, cenah rejeki teh datang sorangan? Rek datang kumaha mun teu disiar jeung teu diguar? Na bet asal calawak, abong biwir teu diwengku!
Coba we lenyepan carita Kabayan nu biasa digambarkeun mumul jeung kedul, nu pagaweanana sapopoe kerek jeung nyegrek. Sabenerna mah eta teh pikeun ngagambarkeun hiji pasipatan jalma nu lain picontoeun urang. Sanajan ka beh dieunakeun sok disalahartikeun, cenah mah urang Sunda teh mumul jeung kedul caran Kabayan. Saratus persen kuring teu panuju. Ayana pasipatan caran si Kabayan soteh malah pikeun eunteung urang sarerea.
Ari niat usaha mah ulah ngagugulung mumul jeung kedul, kudu rancingeus. Ngudag rejeki kudu jauh di jugjug anggang diteang, caran urang ngudak bebene. Ulah caran lalaki tadi, teu inget ka anak-pamajikan, ngan sakadar ngagugulung karepna sorangan. Lalaki samodel kitu mah nu disebut teu tanggung jawab tea, nu teu sadar kana kawajibanana salaku tihang kulawarga. Tong boro tanggung jawab ka anak pamajikan, dalah pikeun dirina oge boa teh teuing.
Ras inget kana paribasa urang Bugis-Makassar. Naon pangna kuring jauh-jauh mawa paribasa deungeun ti sabrang samudera? Pedah we kuring kungsi dibenum di Makassar salila dua satengah taun nyekel Indonesia wetan, ti mimiti 1 November 2001 nepi Mei 2004, nu satuluyna ditugaskeun deui di Surabaya nepi ka April 2006. Tuh, kapanan nyiar kahirupan teh teu sirikna jauh dijugjug anggang diteang. Tapi lain ngudag bebene, kapan kuring geus boga anak-pamajikan. Da mun seug ngagugulung kateuparurun gawe mah boa kuring geus ditajong ti ieu pausahaan.
Cenah ceuk paribasa Bugis-Makassar, nu kungsi diajarkan ku sobat dalit kuring di Makassar nu wastana Kiblat Sa’id: “Leuwih hade hudang batan nyanggere, leuwih hade nangtung batan diuk, leuwih hade ingkah batan nangtung bae”. Kitu unina. Poho deui basa Bugis-Makassarna mah, ngan hartina kurang leuwih ti kitu. Meureun aya babasan na basa Sunda oge, tapi tug nepi ka denget ieu kuring can kaparengkeun pinanggih.
Sok sanajan eta teh paribasa deungeun-deungeun, geus komo kapanan Bugis-Makassar teh sarua dulur urang keneh, taya gorengna mun urang mulungan conto nu hade pikeun pipeureunian hirup urang. Sugan we teu salah lengkah. Da salah-salah ngalengkah jeung teu parigel ngigelan jaman mah geuning hirup kadungsang-dungsang, katalangsara, taya banda tatalang raga.
Hatur nuhun, Kang. Saleresna ieu artikel teh kanggo lenyepaneun diri sim kuring nyalira. Namung nya sumangga pami tiasa dilenyepan ku balarea, sim kuring langkung bingah ati.
16-06-2008 pukul 13:17:59
assalamu alaikum punten nepangan deui, nuju blog walking ieu teh, wah sae pisannya postinganna ngeuna pisan atuh. mudah2 an jadi bahan pamikiran ku urang sadayana