Balebat Ngolebat

Serat Salira (2)

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

menulis.jpgSERAT Salira denget ieu yasana Kang Vanudin nu dumuk di Batam. Anjeunna Sunda pituin nu nuju ngumbara di sabrang samudera, di Batam, nu gaduh blog basa Sunda www.patromax.com. Mangga uninga seratna:

Komentar kanggo “Blog Sunda”

vanudin Says:
28-09-2007 at 13:17:59 Sami simkuring oge teu percaya diri mimitinamah rek ngadamel blog basa sunda teh. Atuh da tos lami ngarantau ka Batam. pun Bojo ge urang jawatengah. Janten tara weh nyarios sunda teh, ari salain papanggih jeung batur salembur nu sami-sami ngarantau.

Tapi da kusabab dorongan hate. Nya dipercaya dirikeun jeung diwanikeun weh.

salut ah kanu garaduh blog sunda…

ieu blog simkuring, mangga dilongokan. Sareng nyuhunkeun kritikna
http://www.patromax.com

  •  

    Pepih Says:
    28-09-2007 at 13:17:59 Deuh ku sae pisan blogna, Kang, namina gampil diemut: patromax. Puguh ge sok emut kana ngobor, jaman SMP atanapi SMA. Ari ngobor teh sok nganggo patromax wae, tara ku oncor karbit. Iraha-iraha sim kuring bade ngaguar pangalaman ngeunaan ngobor alias ngala belut tea. Urang raketkeun sosobatan urang dina blog nya, Kang. Mangga ah, permios.

  • 7 Balesan pikeun "Serat Salira (2)"

    hihi,,,simkuring langsung lumpat ka TKP ah :D

    eh punteun kang abdi nyungkeun widi masang panumbuna :D
    Nuhun pisan ah

    Aeh aeh, geuning salira deui nu kersa rurumpaheun… mangga pami bade masang panumbuna mah. Mung hanjakal sim kuring teu acan tiasa masang panumbu blog salira, ma’lum nga-wordpress teh teu acan lami. Ari biasana mah kumalayang di jomantara blogspot, nyaeta di http://pepihnugraha.com. Mangga dihaturanan linggih…

    Duh saleresnamah masih keneh isin pisan kang kanu eusi blogna teh. Da seueurnamah masih kopi pasteu tina blog nusanes. Masih keneh kelas kacangan……

    Teu kedah humandeuar atanapi minder atuh, Kang, urang sami-sami diajar deui nyerat atanapi nyarios Sunda. Ma’lum tos lami teu dianggo. Susuganan ku ayana nyerat dina blog tiasa parigel deui cumarios dina basa buhun urang sarerea. Mangga diantos deui ku sim kuring postinganana nu enggal dina patromax.

    biasa lah…jalmi nu luhurmah sok ngahandapkeun maneh…padahal elmu nateh sok leuwih hehe

    Leres kang, Abdi mah teu acan tiasa nanaon. Malah hoyong diajar ka akang-akang sadayana.

    ka kang liezmaya ter-utami-na mah.

    blog na sae tur sering di update.

    mun simkuring mah, leuh meni pemalas pisan…..

    tah, simkuring oge ngiringan didieunya, urang silih eusian.
    sikitu heula

    Tinggalkeun Balesan

    Blog Stats

    • 3,514 hits

    Top Posts

    • Tanpa

    Top Clicks

    • Tanpa

    Pairan Panganyarna

    badar dina Koreh Koreh Cok
    Pepih Nugraha dina Blog Sunda
    Awang Ruswandi dina Blog Sunda
    Yayat Supriatna N dina Blog Sunda
    irfan dina Untuk Ciawi dan Sekitarny…