Balebat Ngolebat

Martabak

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

martabak.jpgPARENG kuring balik ti pagawean, indung budak pesen. Cenah mah si Kakang, pun anak, hayang dipangmeulikeun martabak. Biasa ari balik ti pagawean sok nengah peuting teu sirik unggal poe, iwal ti poe Minggu. Dalah aya kajadian aheng mah poe Minggu oge kapaksa digawe. Malum, pagawean juruwarta mah kapanan kasebutna 24 jam.

 

Ari kantor surat kabar Kompas, tempat kuring nyiar kipayah, pernahna di Palmerah Selatan, Jakarta Pusat, pagigir-gigir jeung gedong DPR. Ngan dipisahkeun ku rel kareta api nu ngembat ka Kota nepi Rangkasbitung, terus ka Merak di wuwuhan Cilegon. Teu karasa, geus aya tujuhwelas taunna kuring nitip diri ka Pak Jakob Oetama, nyeta nu boga pausahaan.

 

Na bet kapapanjangan nguruskeun pagawean. Urang balik deui ka martabak, kueh nu baheula mah wajib dipurulukan bubuk suuk jeung gula bodas sememeh dipanaskeun. Ari nyebut martabak teh sok pirajeunan inget ka mangsa ka tukang, mangsa kuring balaka hideng taun tujuhpuluhan.

 

Pun bapa, nu harita masih ngajar di sakola dasar, kungsi boga kenalan urang Pangandaran nu dagang martabak di alun-alun Ciawi, Tasikmalaya. Tapi geuning da teu junun. Teu kungsi lila, usaha dagang martabakna lekasan, samalah mah citakan waja pikeun martabak dititipkeun di imah jenatna nini-aki kuring di Kebon Suuk nu dikontrak ku kolot kuring. Tapi nu sainget, kuring kungsi dibawa ku bapa ka Pangandaran basa umur nincak tilu taun. Oleh-olehna, nyeta kasakit bronhitis. Malum da paru-paru kuring tacan kuat nahan kuatna angin laut basisir Pangandaran.

 

“Kakang palay dipangmeserkeun martabak, nu asin sareng nu amis,” ceuk pun bojo basa kabeneran balik bareng ti panggawean. Enya poho can kaciratakeun, bojo oge sarua nyiar kipayah di pausahaan Pak Jakob da jodo pinanggih di ieu tempat tug nepi ka boga Si Kakang nu ayeuna menta martabak.

 

Reg mobil nyisi basa aya tukang martabak di sisi jalan, lepas ti makam geledegan Tanah Kusir. Jrut boko turun, pesen ka si Emang nu dina plangna nyebut diri “Martabak Bandung”. Teu kungsi lila, martabak asin jeung martabak amis pesenan budak geus asak. “Sabaraha?” cekeng the basa bojo geus diuk deui di gigireun setir. “Tilupuluh opat rewueun sadayana,” walonna.

Tilupuluh opat rewu? Lain duit saeutik. Ketang gumantung timana ngilikanana. Meureun ceuk nu jegud mah kasebutna duit receh. Tapi pikeun kuring mah gede ajenna.

 

“Urang mah kudu asak-asak sukuran nya, Tri,” cekeng teh ka bojo, “Baheula mah Aa keur leutik meuli martabak teh kasebutna meuli barang mewah.” Bojo nu ku kuring biasa dicaluk “Tri”, nyeta kapondokan tina ngaran Tantri, teu nempas. Meureun tacan neuleuman kamana nya mesatna jamparing kakocapan diri tina gondewa hate.

Sabaraha haregana beas sakilona? Gitik rata lima rewu sakilona. Meureun duit sakitu teh cukup pikeun tujuh kiloeunana. Pareng mun keuna ka hiji kulawarga dua anak nu perlu dua kilo beas sapoena, meureun duit sakitu teh cukup jang tilu poeun. Leuheung martabak, kapanan kuring mah sok pirajeunan nginum kopi Starbucks nu sacangkirna tilupuluh tilu rewu, ngan saukur saglekkeun, sadetik nimatna liwat genggerong, satuluyna mah jadi hampas. 

Sok sanajan kuring aya dina kaingetna ka jalma nu teu boga, boh dina zakatna atawa fitrahna, tetep we kuring mah masih sok parajeunan bundang-banding lamun ngeunaan haharegaan. Malum wae da baheula hirup kuring teh basajan naker.  

Ah, pungkas we ieu gerentes hate teh, da geuning mobil geus nepi ka hareupan imah di Bintaro. Beubeulahan hate, si Kakang, nyampak muka panto jeung baturna, Dani, sanajan wayah geus meh pukul sawelas peuting. “Ayah, mana martabakna?” pokna. Kuring ngawalon, “Tuh di Bunda, Kang.” (Pepih Nugraha)

Tinggalkeun Balesan

Blog Stats

  • 3,514 hits

Top Posts

  • Tanpa

Top Clicks

  • Tanpa

Pairan Panganyarna

badar dina Koreh Koreh Cok
Pepih Nugraha dina Blog Sunda
Awang Ruswandi dina Blog Sunda
Yayat Supriatna N dina Blog Sunda
irfan dina Untuk Ciawi dan Sekitarny…