Balebat Ngolebat

Ngaragangan Sasama

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

pengemis.jpgCENAH mah rejeki teh geus dipasi-pasi ku Gusti, geus dibagi-bagi ku Ilahi. Tapi sanajan kitu, lain hartina urang serah bongkokan kana nasib, tumarima kitu wae tanpa daya. Narekahan kahirupan jeung ngahontal pangupajiwa geus jadi kawajiban sewang-sewang manusia nu kumelip di alam dunya. Tanggung jawab, eta koncina. Boh tanggung jawab ka diri, kuluwarga, baraya, atawa ka sasama. 

 Tapi nya kitu geuning pangersa Pangeran mah teu tiasa dipungpang, sanajan ari upaya mah sabisa-bisa ditarekahan. Cek babasan mah suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, tisusut tidungdung, tapi kahirupan taya menyatna. Ih, poma ulah sok ngarasula. Sanajan tumarima, ari narekahan kahirupan mah tetep wajib hukumna.  Gagal ku hiji usaha, coba usaha nu lianna.  Ulah peunggas harepan. Pangeran mah sok muka jalan pikeun jalma nu daek usaha. 

Mun geus pinanggih jeung kahirupan, poma ulah poho ka wiwitan. Anggur geura sujud sukur ka Pangeran nu murbeng alam. Kudu inget basa keur taya dikieuna, lieuk euweuh ragap taya. Ulah kena-kena keur aya salieuk beh, bru di juro bro dipanto ngalayah di tengah imah. Kapanan ari harta jeung pangaboga mah ngan sakadar titipan, sanajan menang ngahontal ku rupa-rupa pangorbanan. Reumbeuy ku pangala, ari waktuna mangkat mah kapanan taya nu bisa dibawa salian ti amal jeung salambar boeh nu mulen jasad ngalempreh.

 

Pondokna, kudu asak-asak ngarampa hate sasama, upamana jalma nu teu boga. Omat ulah boga pikiran, “Ah keun we antep nu teu bog amah, sina usaha heula. Urang ge bisa nyiar kahirupan teh lain karana maranehanana.” Pernah teu kira-kirana urang ngarampa hate sasama nu salawasna hirup di kolong jambatan, emperan toko, atawa trotoar jalan? Atawa jalma nu dumuk na tenda-tenda pangungsian alatan keuna balai atawa karerepet. Sedeng urang genah sare tibra na handapeun simbut bulu, dina kasur hipu.

 

Cikan sakali-kali impleng mun pareng keur ngagebret hujan kapeutingnakeun. Memeh ngarapetkeun bulu mata na wirahwa cihujan, impleng sasama nu kabulusan di kolong jambatan atawa trotoar jalan. Geura pungkas barangdahar samemeh kamerekaan, inget ieuh ka sasama nu keur nahan lapar . Inget ka sasama nu meh paragat nyawa alatan kasakit nu teu bisa kaubaran, sementara urang keur titeuleum na pesta lan poya-poya.

 

Cindekna, urang kudu asak-asak ngarampa hate sasama da hirup mah kapan tara salawasna aya di luhur. Sugan we nu lian ge bisa ngarampa hate urang mun pareng urang pinanggih jeung karerepet, mun pareng roda kahirupan keur ngarayap di handap. Roda padati kahirupan mah salawasna muter taya capena nepi ka urang dipundut ku Mantenna. (Pepih Nugraha)

Tinggalkeun Balesan

Blog Stats

  • 3,514 hits

Top Posts

  • Tanpa

Top Clicks

  • Tanpa

Pairan Panganyarna

badar dina Koreh Koreh Cok
Pepih Nugraha dina Blog Sunda
Awang Ruswandi dina Blog Sunda
Yayat Supriatna N dina Blog Sunda
irfan dina Untuk Ciawi dan Sekitarny…