Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008
AYA ku reueus nampi serat ti salira. Atuh dina ngawalerna oge mani daria naker. Supados teu kapapanjangan, mangga urang pidangkeun serat ti salira di handap ieu, kumplit sareng waleranana ti sim kuring.
A. Komentar kanggo “Ulah Melak Meureun”
B. Komentar kanggo “Mudik”
wilujeung boboran shiam….
salam pangwanoh ti palih kidul ![]()
2. Pepih Says: 28-09-2007 at 13:17:59
Sami-sami, wilujeng boboran siam. Dupi salira Kidulna ti palih mana persisna. Sim kuring kawit ti Ciawi, Tasikmalaya. Hatur nuhun tiasa ngaluuhan ieu tempat.
3. liezmaya Says: 28-09-2007 at 13:17:59
hehe manawi ieu teh kompasna rusak, simkuringmah ti bandung/ ciparay kang
Nuhun pisan parantos kersa rurumpah ka saung simkuring hehe. eh kang hayu urang ngadubako di ngariung.com mamanawian atuh kersa ![]()
C. Komentar kanggo “Kasang Tukang”
1. is5ah teaa! Says: 28-09-2007 at 13:17:59
Wilujeung weungi..kumaha damang? aih meni atoh pisan mendakan batur salembur geuning…salam pangwanoh ti simkuring.
2. Pepih Says: 28-09-2007 at 13:17:59
Wilujeng wengi. Hatur nuhun kersa rurumpaheun ka ieu blog. Kutan salembur urang teh, leresan ti palih mana, nya? Abdi kawit ti wewengkon Ciawi, Tasikmalaya. Dupi salira. Aeh ku reueus tiasa wawanohan. Mugia tiasa teras ngagunakeun basa Sunda.
28-09-2007 at 13:17:59 duuuh, jaman kiwari masih aya nya nonoman nu sae pisan basa sundana, tur meuni munel pisan ieu carios teh….diacungan jempol ah ku si mamah
28-09-2007 at 13:17:59 Wilujeng tepang. Puguh oge reueus pisan tiasa deui ngagunakan basa buhun urang sadaya, basa Sunda. Ma’lum, salami langkung ti 17 taun teu nyarios sunda jalaranan ngumbara ka Makassar, Surabaya, lajeng Jakarta. Mugia urang tiasa silih tempas dina basa sunda.