Balebat Ngolebat

Ulah Melak Meureun

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

becak.jpgBABASAN ceuk kolot baheula, “Yeuh barudak, cing montong sok melak meureun dina sugan, sabab tangtu buahna oge boa”. Sakedet mah teu sabaraha ieu babasan teh. Tapi lamun seug dilenyepan leuwih jero, tetela ngandung hiji harti anu oge jero.

 

 Ieu babasan teh keuna di hiji laku lampah jalma nu teu realistis, nu teu saluyu jeung kanyataan. Ngan ukur loba ngimpleng jeung ngalamun bari teu cruk migawe hiji pakasaban. Ngilikan kana kocap “meureun”, “sugan”, jeung “boa”, sakabehna netelakeun kana babadean, lalamunan, susuganan, atawa meumeureunan. Sanyatana, teu puyus jeung kanyataan. Kapanan goreng kasebutna laku lampah samodel kitu teh. Keuna di jalma mumul, pengedulan, beurat birit, atawa beurat ngalengkah.

Kiwari mun jalma masih keneh ngagem atawa ngeukeupan ieu falsafah, teu wudu bakal kaliyek ku roda padati jaman nu ngaguludad caran ci leuwi nu ngagolontor ti tonggoh ka hilirnakeun.

Loba teuing ngalamun bari jeung teu prak digawe, sarua jeung ngamomore waktu nu teu bisa diukur haregana. Sanajan raja atawa nu kawasa oge moal aya nu bisa muter waktu nu geus kaliwat. Nu enggeus mah enggeus wae. Nu matak mun hirup ngan sakadar ngalamun jeung ngalamun, geus tangtu moal ngala hasil. Mun teu ngakal moal ngakeul, kitu cenah ceuk babasan sejenna.

Pakacapangan atawa pagawean sanajen sapira oge, sok sanajan leutik ajenna, tetap we kudu diharegaan leuwih tinimbang batan ngalamun mah. Conto teu sapira, tukang beca nu miharep hayang kaya dumadakan ku jalan judi jeung judi. Dina meunang saeutik, duit hasil judi mah tara pisugemaeun, geus komo ari dina elehna mah.

Antukna ngalamun jeung ngalamun deui, susuganan meumeureunan. Guher sare deui na beca, morongkol caran kuuk diusapan angina laut kasorenakeun. Puguh genah. Teu nolih aya pamenta panumpang nu hayang dipangjajapkeun ka hiji tempat. Anggur nyegrek kerek. Hasilna, dahdir ngajegir sagede gegendir. Pareng cacing kukurubukan na beuteung menta eusi, duit taya sapeser-peser acan.

Ah da teu ukur pikeun tukang beca wungkul. Ieu babasan bisa dilarapkeun ka sukumna jalma. Teu direktur atawa tukang bajigur, teu menak atawa jalma balangsak, lamun hirup ngan saukur meumeureunan susuganan, ngan sawates dina implengan, tangtu bakal ka lindes waktu. Kacida rugina mun hirup ngan saukur nyawang pakpikpekna jalma lian nu keur papada ngarigelan jaman, narekahan kahirupan.

Mudah-mudahan urang mah kaasup jalma nu bisa ngaharegaan waktu pikeun ngigelan jaman. Moal boa waktu jeung jaman oge bakal ngaharegaan upaya urang, sok sanajan sasieur kasebutna. Kapanan lumayan sasieureun sabeunyeureun oge. (Pepih Nugraha)

Lelewek Bintaro, 22 Oktober 2007.

2 Balesan pikeun "Ulah Melak Meureun"

duuuh, jaman kiwari masih aya nya nonoman nu sae pisan basa sundana, tur meuni munel pisan ieu carios teh….diacungan jempol ah ku si mamah

Wilujeng tepang. Puguh oge reueus pisan tiasa deui ngagunakan basa buhun urang sadaya, basa Sunda. Ma’lum, salami langkung ti 17 taun teu nyarios sunda jalaranan ngumbara ka Makassar, Surabaya, lajeng Jakarta. Mugia urang tiasa silih tempas dina basa sunda.

Tinggalkeun Balesan