Balebat Ngolebat

Koreh Koreh Cok

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

ayam.jpgRAS inget ka jaman ka tukang, jaman kuring keur resep nulis, kungsi aya hiji mangsa sok pirajeunan nganti-nganti honor tulisan. Mangsa kira-kira antara taun 1981 nepi ka taun 1989 meureun. Baheula mah ari nulis teh na Majalah Mangle nu honorna kaitung leutik. Geura we hiji tulisan Pangalaman Para Mitra, salah sahiji rubrik na eta majalah, ngan dihargaan Rp 1.000. Pareng mun carita pondok (carpon) dimuat, nya honorna undak jadi Rp 10.000.

 Naha kuring nepi ka nyebut honorna leutik? Tuda ngababanding mun kuring narima honor ti koran atawa majalah basa Indonesia. Saupamana wae, mangsa harita honorna cerita pendek (cerpen) Majalah Bobo Rp 25.000. Malah dina sabulan aya dua cerpen kuring nu dimuat, acan ti koran sejenna da kuring mah kaasup rajin nulis. Pareng kuring keur ngetik make mesin tik Brother peuting-peuting, indung kuring nu sok ngeling-ngeling. “Aa, tos wengi, enijing deui ngetikna!”

 

Puguh we duit sakitu teh harita mah teu bisa direken saeutik, da ongkos hirup pikeun kuliah di Bandung wae Rp 60.000 sabulan na teh. Upama seug aya dua cerpen atawa tulisan lianna nu dimuat, tangtu geus katutup tah ongkos hirup. Ti dituna mah diajar nyiar kahirupan, sugan we ku cara nulis kuring bisa ngahontal langit kamaslahatan.

 

Malah kungsi waktu pun adi nu pangleutikna gering, si Ceuceu, almarhumah Emih, nyaeta indung kuring, nyalukan. “Ieuh tempo budak bisi paeh, bawa ka dokter atuh!” Ah, da harita mah duit na dompet teh aya kana saratus rewuna. Jung indit mawa adi nu harita mah umurna kakara opat taun meureun. Duh, mana asa jadi “jelema” we harita dumeh ngarasa geus bisa ngaluarkeun duit meunang ngala sorangan jangeun ongkos ngubaran adi.

 

Pareng mun nyanghareupan puasa atawa lebaran kawas kiwari, sok aya pangharepan mudah-mudahan meunang honor nu munel. Atuh si Awang atawa si Dao, anakna tukang pos nu sok biasa nganteurkeun wesel, jadi pribadi nu teu weleh dianti-anti. Enya lamun kaparengkeun loba tulisan nu dimuat mah dompet teh sok asa metet. Tapi pareng keur butuh duit jang jajan atawa piken mere ka adi-adi, tulisan euweuh nu kapake, nya nyamos atuh. Lain kalahka honor nu katarima, tapi naskah tulisan sorangan nu dibalikkeun atawa “retour”. Duh, kahirupan! 

 

Harita ge geus kapikir, naha kuring bisa kitu hirup ngandelkeun tina hasil nulis? Tuda kucara kitu mah ngan saukur miharep jeung miharep bae. Malah Emih mah pok wae nyarios, “Aa mending jadi dosen wae, koreh-koreh cok. Kapanan emih jeung apa wae cacakan saukur guru SD, teu wudu bisa nyakolakeun budak di paguron luhur!” Cenah mah, kitu kolot mipelingan, sajaba ti jadi dosen kuring bisa bari tulas-tulis. Cindekna mah, ngarojong waelah kabisa kuring dina widang nulis mun kuring jadi dosen teh.

 

Tapi dasar kuring. Harita kuring ngukur, gajihna dosen golongan IIIA teh ngan diupah Rp 60.000 sabulan, acan kudu ngaliwatan heula asisten dosen nu lilana satuan-dua taunna, tacan dibenum, sanajan enya engkena gajih dirapel. Ih, lain koreh-koreh cok atuh kieu mah. Kudu lila pisan kokorehna, katurug-turug kuring geus nyaho pangaji duit da sok pirajeunan nampa honor tea. Antukna kuring banting setir we ngalamar gawe di koran Kompas. Alhamdulillah katampa, sanajan basa asup mah cecekelan kuring pustakawan. Ahirna, kuring bisa nepi ka jadi wartawan, nepi ka kiwari.

 

Tapi hiji perkara nu ku kuring masih kaimpleng, nya piwejang Mamih, pun biang tea, cenah mah hirup teh leuwih hade koreh-koreh cok! Ieu teh prilaku hayam, da hayam mah tara ieuh kalaparan ku lantaran sok rajin kokoreh. Mun manggih pare atawa beas hasil kokoreh, nya langsung diteureuy. Kasawang, nu penting hirup cukup, teu hese beleke neangan gawe. Meureun digawe di Kompas oge satutasna kuliah tahun 1990, nepi ka kiwari tetep kasebutna koreh-koreh cok. (Pepih Nugraha)

1 Pairan pikeun "Koreh Koreh Cok"

Sono,

Pih, damang? Duuh, wararaas maos seratan salira. Emutan kumalayang ka mangsa SMA. Emut keneh da, Pepih teh pami teu lepat nyerat cerpen “Syahron Jatuh Cinta”. Dimuat geuning na majalah Lugu, nu leres-leres Lugu kacida pengemasanana waktos harita. Ayeuna salira tos janten tukang nulis nu jugala (haha, naon ieu teh maksadna, jugala, ah duka), tapi bingah ngupingna. Iraha mulih ka Tasik? Iraha bade amengan ka Sanggar Sastra Tasik? (Kang Badar)

Tinggalkeun Balesan

Blog Stats

  • 3,564 hits

Top Posts

Top Clicks

  • Tanpa

Pairan Panganyarna

badar dina Koreh Koreh Cok
Pepih Nugraha dina Blog Sunda
Awang Ruswandi dina Blog Sunda
Yayat Supriatna N dina Blog Sunda
irfan dina Untuk Ciawi dan Sekitarny…