Balebat Ngolebat

Archive for Oktober 2007

Mumul Bin Kedul

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

KALEKED, mumul, ngedul, jeung beurat birit, ieu teh mangrupa panyakit “jiwa” nu bisa tumerap ka saha wae, kaasup kuring. Disebut panyakit “jiwa”, lain pedah matak bisa ngajadikeun jalma gelo atawa kurang saeundan kaditunakeun. Tapi ieu kasakit nu hese san obatna teh kudu ditarekahan piubareunana. Ngingu ieu kasakit diri, tinangtu bakal hirup sangsara jaga. Cik titenan, [...]

Serat Salira (2)

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

SERAT Salira denget ieu yasana Kang Vanudin nu dumuk di Batam. Anjeunna Sunda pituin nu nuju ngumbara di sabrang samudera, di Batam, nu gaduh blog basa Sunda www.patromax.com. Mangga uninga seratna:

Martabak

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

PARENG kuring balik ti pagawean, indung budak pesen. Cenah mah si Kakang, pun anak, hayang dipangmeulikeun martabak. Biasa ari balik ti pagawean sok nengah peuting teu sirik unggal poe, iwal ti poe Minggu. Dalah aya kajadian aheng mah poe Minggu oge kapaksa digawe. Malum, pagawean juruwarta mah kapanan kasebutna 24 jam.

Ngaragangan Sasama

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

CENAH mah rejeki teh geus dipasi-pasi ku Gusti, geus dibagi-bagi ku Ilahi. Tapi sanajan kitu, lain hartina urang serah bongkokan kana nasib, tumarima kitu wae tanpa daya. Narekahan kahirupan jeung ngahontal pangupajiwa geus jadi kawajiban sewang-sewang manusia nu kumelip di alam dunya. Tanggung jawab, eta koncina. Boh tanggung jawab ka diri, kuluwarga, baraya, atawa ka [...]

Serat Salira (1)

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

AYA ku reueus nampi serat ti salira. Atuh dina ngawalerna oge mani daria naker. Supados teu kapapanjangan, mangga urang pidangkeun serat ti salira di handap ieu, kumplit sareng waleranana ti sim kuring. 

Ulah Melak Meureun

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

BABASAN ceuk kolot baheula, “Yeuh barudak, cing montong sok melak meureun dina sugan, sabab tangtu buahna oge boa”. Sakedet mah teu sabaraha ieu babasan teh. Tapi lamun seug dilenyepan leuwih jero, tetela ngandung hiji harti anu oge jero.

Mudik

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

KARASANA pisan mah basa geus nincak di umur wewelasan, kira-kira geus diuk di bangku SMP atawa SMA antara taun 1978 nepi ka 1982, pareng rek nyanghareupan lebaran teh kandaraan ngabrul caran kuntul ti beulah Jakarta. Eta we lamun seug meuntas jalan wae mani hese beleke, kesang badag kesang lembut, bari gimir da sieun kateunggar mobil [...]

Tag:

Untuk Ciawi dan Sekitarnya…

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

URANG Ciawi Tasikmalaya mah mo bireuk deui kana kakocapan, “Untuk Ciawi dan sekitarnya, tibanya buka puasa…” Sora nu dipancarkeun ti Radio Buana Jaya nu stasiunna mernah di Sukamantri, unggal nyanghareupan buka puasa. Nu boga sora taya lian ti Pa “Kumis” Oman Saputra.

Tag:

Koreh Koreh Cok

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

RAS inget ka jaman ka tukang, jaman kuring keur resep nulis, kungsi aya hiji mangsa sok pirajeunan nganti-nganti honor tulisan. Mangsa kira-kira antara taun 1981 nepi ka taun 1989 meureun. Baheula mah ari nulis teh na Majalah Mangle nu honorna kaitung leutik. Geura we hiji tulisan Pangalaman Para Mitra, salah sahiji rubrik na eta majalah, [...]

Nyoreang Alam Ka Tukang

Posted by: Pepih Nugraha on: 16-06-2008

KEUN wae disebut mubadzir ngahambur-hambur waktu oge, ngimpleng alam nu geus kaliwat teu salawasna goreng. Hem, lamun seug bisa muter waktu nu geus kasorang, tada teuing bungahna ieu hate. Hanjakal, manusa mah ngan kari ngalalakon hirup, napakan jeung nete kahirupan ka hareup. Ngimpleng ka tukang mah pilakadar sasampayan wungkul. Tapi da taya rugina geuning.