Saperti ilaharna, manehna mah sok daria naker ari panggih jeung kuring teh. Pasemonna bungah siga budak lelengkah halu manggih kaulinan, padahal umur geus nincak opatpuluh. Kasono sasat dikumpulkeun nepi ka kawas ngalembereh mancawura kamana-mana maseuhan hatena. Pareng ari panggih teh pirajeunan sok tungkup-tangkeup sagala, meureun mun taya ka era mah kuring teh geus digalentor di puseur dayeuh nu rame ku balarea. Kitu geuning pamawaan Kang Jaka, bebene kuring. Baca tuluyan ieu tulisan »
Wanci tengah peuting kuring karek nepi ka imah sanggeus rengse ti pagawean. Sopopoena ge da kitu pagawean teh, nepi ka imah tengah peuting ari indit meh paburu-buru jeung jurungkunungna panonpoe. Panto hareup dibuka ku sorangan da saban poe ge mawa konci. Karek ge rek niiskeun kesang, kasampak pun anak nu cikal, si Kakang, keur parea-rea omong jeung indungna. Sigana mah aya pasualan genting antara indung jeung anak teh. Baca tuluyan ieu tulisan »
I Don’t Like Monday
Posted: 16/06/2008 in Basa Sunda, Falsafah, Kahirupan, Pepih Nugraha, Poe SenenTag:Blog Bahasa Sunda, Poe Senen
Kitu ceuk basasan kiwari. Kuring ceuceub kana poe Senen, ceuk pihartieunana. Ngaranna oge make basa Inggeris, ieu babasan teh tangtu lain pituin babasan Sunda, oge lain babasan Indonesia. Naon atuh hartina ieu kalimah? Jang kasaha tumerap jeung dilarapkeunana? Baca tuluyan ieu tulisan »
KURING mah matak taak mikiran kahayang balarea nu kasawang dina laku lampah media massa jeung mahasiswa. Teuing kuring nu bodo teu bisa neuleuman hate balarea. Geura we upama aya ka teu panuju, hayoh demo ka istana, demo di kampus, demo dimamana. Atuh media ngarojong kana ketagna mahasiswa jeung rahayat nu nyorakeun ka teu panuju. Kapanan waktu aya ka teu panuju kana unggahna harega BBM, tuluy demo siga aing nu pangbenerna. Baca tuluyan ieu tulisan »
CENAH mah nincak umur opat nepi ka dalapan taun teh kasebutna “mangsa-mangsa emas”, keur meumeujeuhna seukeut naker ieu utek pikeun dipake ngapalkeun. Lir kamera pideo, naon nu diapalkeun jeung dibayangkeun, plek napel sapuratina dina wangun kertas poto atawa gambar pideo. Hiji hal nu ku kuring karandapan, hiji mangsa nu ku kuring moal kapopohokeun, yen kuring oge kungsi ngalaman “mangsa-mangsa emas” tea. Kieu geura caritana. Baca tuluyan ieu tulisan »
DUPI salira sapamadegan kitu sareng kuring dina mayunan ieu kahirupan? Kieu maksud teh, sakapeung sok ngimpleng sorangan mun keur manggih kabagjaan jeung kulawarga, boh jeung pun anak atawa bojo. Kalan-kalan siliocon, silieleketek, malah siliperang bantal sagala di enggon. Kawas taya kasusah. Sakapeung mun keur balakecrakan dahar, boh di imah atawa di restoran, sok ret ka pun anak, Si Kakang, nu umurna nincak 11, anak mahal da ngan hiji-hijina. Baca tuluyan ieu tulisan »
SAENYANA kuring mah teu resep ka sabangsaning ucing. Bisa disebut geuleuh we. Komo ka beh dieukeun mah sanggeus kuring ngarti yen dina diri ucing sagemblengna, ti hulu nepi ka kuku, cenah mah ngandung mangrewu-rewu panyakit. Nyaan basa boga batur sakantor nu gabug, geus meh sakitu taun tacan boga anak, cenah mah basa dipariksa dokter aya pirus nu nyayang dina pianakeunana. Tokso, cenah. Teuing kumaha caran nulisna mah. Ih, matak gimir! Atuh basa pun anak, Si Kakang, jeung indungna wakca hayang ngukut ucing, ku kuring teu ieuh ditolih. “Loba mudlaratna,” cek kuring saliwatan. Baca tuluyan ieu tulisan »
WAKTU lebaran nu anyar kaliwat, kuring sakulawarga reujeung dulur-dulur, silaturahmi ka Ua Yoyoh di Cipacing. Aya meureun dalapan kiloan anggangna ti imah kolot kuring di Tanjakan Cangkudu, Ciawi Tasikmalaya. Ari Ua Odin, carogena Ua Yoyoh, geus meh lima taunna teu awas alatan katarak. Tah, harita kuring tepung jeung Kang Apid, putra pun ua tea. Baca tuluyan ieu tulisan »
BANDUNG heurin ku tangtung, geus komo ari Jakarta mah. Lain ukur heurin ku tangtung, tapi heurin ku sagala rupa. Boh gedong sigrong nu lir noelan langit, paimahan nu satungtung deuleu, hotel jeung kondominieum nu paalus-alus, jeung sajabana. Unggal poe macet dimana-mana. Turangga anyar nambahan mangyuta-yuta unggal taunna, turangga lawas ngajaredog keneh narah ingkah, ari panjang jeung rubakna jalan angger we ti taun ka taun teu ieuh nambahan. Baca tuluyan ieu tulisan »

